Wilujeng wengi geulis pupujaning ati akang, akang dina danget ieu nuju bengras hate dugi 62 bit, manah akang bingah tug total available grapichs memori langkung ti 1GB, soca akang enyany-enyanyan teu ka udag ku 128MB
Geulis ku ayeuna salira ulah bade cancel pami bade nginstal love.exe ka manah akang, manah akang mung kanggo salira dina kapasitas 400GB tanpa partisi, punten salami ieu akang mung tiasa ping dina pengkereun anonymouse proxy, mmmmhhh... geuning kieu... ari love.exe nuju di running teh.
Akang mung tiasa nyerat dina C++, najan memang kapungkur kantos ngeshare di portran77, namung akang nyobi supados avaliable demi waktos. Junjunan akang... mugia salira ngagaduhan percaya.txt nu tiasa di synchronize sareng satia.dll milik akang....
Geulis jungjunan akang, akang teu ngadamel folder salian folder salira, komo make kaniatan nga hidden folder .... ah teu kabayang pami kedah ngadamel new folder, moal, moal jungjunan, mangga geura scan nganggo antivirus nu tiasa ngadetek selingkuh.exe
Akang miharep system hate salira tiasa nampi request akang, akang bakal salawasna nongkrong di bugtrack, supados akang tiasa nitenan bug enggal, akang bakal teras patch, geulis percanten kana love.exe nu akang ieu sanes asal download, tapi asli ti mikaasih.com, teu kedah nganggo keygen komo nganggo serial number palsu.
Geulis mangga geura upload love.exe salira, simpen di backbond nu kiat, da mung didinya love.exe urang tiasa saling over write, imut salira... mangrupi update-an nu auto deteck, mmmmhh jungjunan, akang moal hilap kana password.
Ngawitan urang patepang teuteup salira, tembus kana fokus jajantung, tug dugi mekar ngagedur sabanding sareng ngagunakeun kakuatan lensa, ngalayang endah ibarat minyak nu ngalayang dina hampa udara, cinta.txt akang langkung ageung batan bilangan avogadro.Sanajan pluto ayeuna tos teu aya, dimana benten urang lir ibarat jarak matahari ka pluto saat aphelium, namung resonansi hate akang tiasa nangkep amplitudo manah salira, saendah gerak harmoni tanpa gaya impuls sareng momentum, ibarat kopel dina gaya nu angular unlimited.
geulis jungjunan akang, rimpul cinta urang.... sanaos teu dina trek nu ngandung friksi namung friksi teu tiasa ngahalangan kana speed up akang mikacinta salira, energi potensial akang moal kahalangan sanajan gaya gravitasi salawasna narik, malihan hukum kekekalan energi teu tiasa nampeuh hukum kekekalan cinta urang.
jungjunan akang... cobi titenan geura, momen cinta urang tegak lurus sejajar penuh dina garis kahoyong urang nu moal aya pasalia kahayang, hal ieu nu ngajantenkeun titik ekuilibrium sampurna, tanagi inersia nu tohaga...
ieu jungjunan resultan momentum urang nu aya dina titik ketimbangan sempurna hasil titrasi luar biasa presisi tug warna pas beureum ati, hasil paduana love.exe sareng dukungan cinta.txt urang duaan sanaos mung dina C++.
salam baktos, salam oge kasadayana punten teu acan tiasa download ka sepuh sareng kulawargi.
Salam Baktos,
Aa,
Kamis, 11 November 2010
Surat Cinta Budak IT
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar